Froggy Jumps LATIHAN SOAL BAHASA SUNDA KELAS XI - NOVELOnline version MANGGA NYANGGAKEUN by Fikri Fauzi 1 karanganan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut a carpon b cartibag c novel 2 Anu mangrupakan inti carita dina novel disebut … a galur atawa alur b téma atawa jejer c palaku 3 Anu ngalalakonan (berperan) dina carita novel disebut … a galur atawa alur b latar c palaku 4 Jalan carita dina novel disebut… a galur atawa alur b palaku c latar 5 Waktu, tempat, jeung suasana dina carita novel disebut … a palaku b galur atawa alur c latar 6 Pesan anu ditepikeun dina carita novel disebut … a latar b amanat c téma atawa jejer 7 Judul Novel anu teu kaasup novel kanggo barudak nya éta … a Patepung di Bandung b Béntang Lapang c Pangantén 8 Naon sasaruaan novel jeung carpon? a Novel jeung carpon caritana teu asup akal b Novel jeung carpon kaasup karya sastra c Novel jeung carpon sarua dibukukeun 9 Naon anu ngabédakeun novel jeung dongéng? a Novel mah caritana masuk akal, dongéng mah caritana teu asup akal b Novel jeung dongéng caritana sarua panjang c Novel jeung dongéng mah caritana pondok 10 Novel Demung Janggala karya pangarang .... a Yosep Iskandar b Tatang Sumarsono c Muhamad Sanusi 11 Kecap Novel asalna ti basa .... a prancis b inggris c latin 12 Novel Cinta Pabaliut pangarangna, nyaeta .... a Eddy D Iskandar b Yoseph Iskandar c Usep Romli HM 13 Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut .... a jejer b latar c amanat 14 Kecap Dayeuh basa Indonesiana, nyaeta .... a nagara b danau c kota 15 Novel teh mangrupa carita ... a nyata b hayalan c rekaan 16 Nu lain ciri tina novel nya éta a caritana panjang b teu aya pangarangna c luyu jeung kahirupan sapopoé 17 Nu kaasup unsur-unsur intrinsik novel nya eta.. a Tema, nada, rasa, amanat b Tema, latar, tokoh, galur, sudut pandang c Tema, latar, sudut pandang, pangarang 18 Galur dibagi jadi 3, iwal.... a Mundur b Mandeg c Maju 19 Nu teu kaasup kana unsur latar nyaeta.... a tempat b sipat c waktu 20 Biasana jejer/tema dina novel Sunda dicokot tina.... a Kahirupan di alam aherat b Kahirupan sasatoan c Kahirupan sapopoe 21 Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ... a 1926 b 1933 c 1914 22 Muga baé tiwas-sucina Prabu Linggabuana heunteu jadi mamala. Kecap Mamala ngandung harti… a prihatin b sial c bahaya 23 Mana nu teu kaasup kana unsur-unsur dina novel? a galur b scene c latar 24 Novel nu nyaritakeun ngeunaan muja muji ka setan kusabab hayang beunghar judulna.... a burak siluman b lebe kabayan c munjung 25 Asep kabeurangan indit ka sakolah. Kecap kabeurangan ngabogaan harti .... a Teu dihaja di-an b Bisa di - an c Teu dihaja kakeunaan