Froggy Jumps DRAMAOnline version KELAS XII by Nur Fitri Mardhotillah 1 Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut .... a épilog b prolog c monolog 2 Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh .... a antagonis b protagonis c piguran 3 Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut .... a komédi-tragédi b tragédi c komédi 4 Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran .... a kacapi suling b tanjidor c sandiwara 5 Sani : Buru lalaunan-lalaunan! ajen : Buru bantuan! lain lalaunan-lalaunan! Sani : Sip atuhh, urang gancangan asupkeun kana kurungna! Ajen : Bawa tuh..! Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean... a dialog b prolog c epilog 6 Dina drama aya palaku anu hadirna ngan ukur saliwat, sakadar keur ngalengkepan atawa nambahan wungkul, malah sakapeung mah tara tara acan milu gunem catur. palaku anu kitu disebut.... a palaku utama b palaku figuran c palaku pangrojong 7 ayana konflik atawa emosi nu husus disusun pikeun pertunjukan teater nyaeta... a Pungsi drama b paguneman c Ciri utama drama 8 Pesen moral keur nu apresiasi drama atawa anu nonton drama disebut .... a amanat b jejer c latar 9 Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama... a Pertelaan palaku b Prolog jeung epilog c Wirahma 10 Di Desa Bojong ribut yen aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa newak eta garong. Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagean... a prolog b pertelaan palaku c babak 11 Jalma nu ngatur sarta tanggung jawab kana widang artistik jeung téhnis dina hiji pintonan drama nyaéta … a Sutradara b Pimpinan produksi c Panata Kostum 12 Titenan gambarna! Dina galur carita drama, lebah tanda tanya disebut .... a éksposisi b konfrontasi c klimaks 13 Naskah drama teh karya sastra anu di tulisna dina wangun .... a narasi b paguneman c sajak 14 waktu jeung tempat kajadianana eta drama disebut? a latar b kaayaan c adegan 15 Drama teh asalana tina basa Yunani nya eta ..... a Dramai b Dramoi c Drakor 16 Dina tuntung pintonan drama, sok aya omongan keur mere kasimpulan carita atawa amanat nu bisa dicokot ku nu nongton drama, nu disebut ....... a Dialog b Monolog c Epilog 17 Drama anu caritana dimaksudkeun pikeun ngebrehkeun rasa sedih atawa kajadian nu matak nalangsa disebut……….. a tragedi b komedi c melodrama 18 Lamun hiji actor ngomong ka dirina sorangan, bari taya batur anu diajak nyarita, eta omongan teh disebut……… a Monolog b Epilog c Dialog 19 Drama anu caritana dimaksudkeun pikeun ngahibur nu lalajo disebut … a Tragedi b Superhero c Komedi 20 Tokoh dina drama boh nu protagonis boh nu antagonis, atawa tokoh pangrojong disebut ... a latar b palaku c babak